Kénging Maman Rachman
ieu mah rék ngadon réfrésing ceuk barudak ayeuna téa mah bari sakalian marandi di kolam renangna anu caina panas. Kitu sotéh bubuhan dibawa ku minantu nu ngadunungan ka nu kagungan Villa “Sari Alam”, bageur pisan aranjeunna téh. Tara ngorétkeun, ulah boro ngojay najan mondok ogé sok ditawaran, ngan kuringna wé ngarumasakeun manéh.
Sadatangna ka Villa, barudak mah teu reureuh heula, langsung bubulucun,
gebrus marandi siga nu barungah pisan, silih simbeuh kokojayan bari
garogonjakan. Sabalikna kuring, bororaah hayang ngojay atawa ngeueum,
awak teu puguh rasakeunaneun. Leuleus téh teuing ku leuleus.
Nungguan waktu nepi ka soré asa kacida lilana. Sajam jadi karasa
sababaraha jam, panonpoé siga nu horéam ngagilir ngoléséd ka beulah
kulon, kalah pepedut wé mimiti rabul minuhan wewengkon villa.
Waktu soré teu burung datang, barudak ngaruniang haranjat tina
pangojayan. Sanggeus diaranduk terus digaranti baju teu poho maraké
jéket, nyingkahan awak tina katiris hawa gunung.
Sanggeus pamitan sarta nganuhunkeun kanu jaga, da nu kagunganana aya di
Bandung terus mulang. Mobil ngoloyong ngaliwatan panto gerbang
ninggalkeun villa. Sajajalan awak mingkin teu puguh rasakeuneunana.
Hayang buru-buru geura tepi ka imah, barudak mah sararé bakat ku capé
meureun.
Sadatangna ka imah teu sirikna meubeutkeun manéh, guprak kana risbang.
Meunang saminggu diopname di rumah sakit. Sanajan boga kartu Asuransi
Kesehatan teu buru kapaké, da asupna ka rumah sakit swasta. Lain gujih,
ieu mah panyakit nu miheulaan datang, méméh daftar pingsan heula.
Aya di imah acan cageur bener, awak masih kénéh karasa lungsé, gawé
ukur nyangkéré di balé. Ubar mah aya sababaraha rupa nalambru di juru
kamar dina méja diwadahan piring alas.
Keur ngararasakeun kalungsé, diburuan aya nu nyalukan. Budak lalaki nu
nyalukan téh, sorana mah sora tatangga nu aya tukangeun imah. Sababaraha
kali nyalukan, tapi teu terus ditémbalan. Didédéngékeun bisi salah,
tetéla sora budak pamuda Si Yayat tatangga tukangeun imah.
“Pa ... pa ... aya nu nyaur!”ceuk Si Yayat.
“Saha...?”
“Itu Pa, saurna urang tarung paduduaan ayeuna!”
Leng mikir, naha maké aya nu ngajak tarung sagala?
Pipikiran kulincas-kalinces, lir ibarat lampu cempor leutik katebak
angin. Lalaunan, pes seuneuna pareum. Liwat ngaliwatan alam sampeureun,
poék mongkléng buta rata, ceuk nu bohong mah teu katempo tungtung
curuk-curuk acan. Poék-poék pisan, meredong taya cahaya sakolényay.
Di buruan, bener aya hiji lalaki maké sorban, awakna péndék purékel
ngajega pasang kuda-kuda. Kuring turun ka buruan, nyampeurkeun lalaunan,
song sasalaman. Nu ngajéga teu malesan, malah kadon mundur bari
ngépéskeun leungeun kuring.
Panasaran disidik-sidik, tetéla manéhna téh lain sasaha. Nyata-nyata
tatangga imah écés pisan aya tanda dina dirina, panonna pécak. Kunaon
manéhna ngajakan tarung, padahal asa teu boga musuh hirup téh? Tapi ras
inget kana kajadian katukang saméméh kuring gering. Kungsi pembantu
manéhna ngomong, dititah ku dununganana meuleum menyan jeung ngawurkeun
kembang di hareupeun warung kuring. Teu diwaro, inget téh bisi jadi
ngipiskeun iman.
Teu kanyahoan manéhna luncat bari nyépak satakerna, hélob kuring
ngahélob. Mun éta sepakan keuna ka kuring, piraku kuring teu ngabeng.
Sépakan disusul ku peureup nu buleud, hiuk-hiuk ngaliwatan puhu ceuli,
bangbaraan. Sababaraha kali kuring ngagiwarkeun peureup manéhna, manéhna
mingkin nafsu sabab tonjokanana teu keuna-keuna ka kuring. Sakalina
kuring malikan nonjok, ceplos deuih teu keuna, kalah angin wé ngahiuk
kasurungkeun peureup. Tetéla, manéhna lain lawan-lawaneun méméh mumuluk,
pangabisana teu bisa disebut lumayan.
Tarung lain sakeudeung-sakeudeung, geus karasa lilana. Buruan urut
tarung ledug tapak suku, tatangkalan nu aya di sakuriling buruan tumpur
katincakan. Panyawéran sawaréh kentengna pru-pre pareupeus jeung
saremplek urut katéjéh.
Hiuk peureup manéhna ngahiuk. Kuring ngahelob, suku diréngkaskeun ka
manéhna bari dibarengan ku peureup nu buleud, hiuk jebrod. Peureup
kuring keuna kana mamarasna, soloyong manéhna ngagoloyong, bru nambru
sisi kamalir.
Engapan ngahégak naék turun, peureup masih kénéh buleud. Panon
muncereng nyidik- nyidik nu nambru. Koléséd manéhna hudang lalaunan.
Kuring mundur saeutik, sayaga bisi manéhna narajang teu kanyahoan.
Teu salah tina panyangka, manéhna nguniang hudang. Jleg nangtung deui
sabihara- sabihari jiga nu teu aya kanyeri. Kuring mundur bari metakeun
kuda-kuda bisi manéhna narajang. Hiuk-hiuk aya nu ngahiuk hareupeun
beungeut. Lob kuring ngelob, sababaraha kali, hiuk ka handapeun suku,
gajleng kuring ngajleng, cle dina suhunan. Nu diheumbatkeun singhoréng
bedog. Teu sabaraha rupana mah, ngan kaciri seukeutna, sababaraha kali
diheumbatkeun sababaraha tangkal jeruk di buruan nu sakitu gedena
alambruk.
Hiuk deui manéhna ngaheumbatkeun bedogna. Ku kuring digiwarkeun
kabeulah kénca, disusul ku peureup katuhu nu ngeplos teu katahan kana
palebah angenna. Hék cenah, koloyong manéhna ngagoloyong teu tahan nahan
tonjokan. Manéhna mundur nahan kanyeri tapi bari taki-taki, masang
kuda-kuda. Belesat manéhna ngabelesat, hiuk-hiuk jebrod, peurerupna
ninggang kana dada. Bru kuring nambru kasurungkeun, katambah-tambah
bakat ku tarik hémbosna angin nu marengan peureup, sabab kuda-kuda
kuring teu teu ajeg. Kuring nyangsaya ampir teu walakaya, untung masih
dibéré éling, gep kana parabot nu nyangklék dina cangkéng.
Biur, biur siga seuneu cahayaan, narajang kuring nu nyangsaya. Kuring
sababaraha kali ngagiwarkeun nahan gempuran manéhna, ku cara
ngagilirkeun parabot nu dicekel.
Tayohna manéhna mingkin nafsu, terus nyerang sabulang-béntor.
Sababaraha kali nyerang sababaraha kali katahan. Tungtuna nu katétér
manéhna, éléh najan teu nepi ka paragat. Biur manéhna ngapung ka
awang-awang jauh ka tungtung langit, mingkin jauh-mingkin jauh les duka
kamana.
Bray, kuring beunta lalaunan. Késang karasa ngorolok maseuhan saluar
awak. Tikoro karasa garingeun, halabhab hayang nginum. Awak ngalempréh,
teu kuat malik-malik acan.
Ngahuleng mikiran nu geus kajadian. Nu disebutkeun tarung diburuan téh
nyatana aya di kamar ditempat saré. Saha atuh ari nu bieu tarung jeung
kuring? Ari ka lalaki batur tarung mah apal, enya tatangga, ngan pédah
bajuna wungkul diganti maké sorban. Ret kana bilik, aya keris nyelap,
panjangna kira-kira sajeungkal satengah. Ras inget kanu méréna, bakat ku
haat cenah méré kanyaah bawana ti Cirebon. Naha éta kitu pakarang nu
dipaké gelut téh? Lain percaya kanu kararitu, sanajan meunang teu
ngabibisani, aya kalana jelema loba nu salah, malah muhit ka nu
kararitu. Nu jelas tadi katémbong lamun enya éta, geus ngilu bébéla,
mudah-mudahan wé lain pikeun ngipisan iman, tapi keur ngandelan iman.
Teu aya deui nu langkung kawasa iwal ti Gusti Nu Maha Maha Suci, Nu
ngajaring urang beurang jeung peuting.
Waktu geus ngagayuh ka waktuna Magrib. Awak beberesih sanajan ngan ukur
ku elap baseuh. Kodomang ngadongkang ubar nu nyampak dina méja. Lep-lep
sababaraha hiji, dituturkeun ku cai hérang. Barangdahar mah acan
sabaraha, matak awak karasa leuleus kénéh. Jeung apan deuih ku doktor
rada dicegah, barangdahar téh hususna nu ngandung sabangsa tipung kudu
rada dikurangan.
Kakara gé rék golédag ngagolédag deui, aya nu ngaharéwos kana ceuli duanana.
“Ulah saré waé kudu taki-taki,” ceuk nu ngaharéwos kana ceuli beulah kénca.
“Lah baé, aluk mah sampeurkeun jelema tadi téa, tangtang sakalian!” ceuk nu ngaharewos beulah katuhu.
Astaghfirullaaharazhim, alladzi laa ilaaha ilia huwal hayyul qayyuum, wa atuubu ilaih.***
Saung Anggrék, Subang, Pertengahan November 2014
Sumber : http://mangle-online.com/pidangan/perelean/1421836923
Tidak ada komentar:
Posting Komentar